Kaendahan Alam
Karya : Fadila Rahmah
Katumbiri
Nutug bumi lir ibarat jalan anu warna-warni
Ceuk carita aya putri anu keur marandi
Dina talaga para prameswari
Katumbiri
Anjeun aya dina mangsa datang hujan
Bari caang kapoyanan panon poe
Nu nyiptakeun kalangkang rupa-rupa warna
Mapaesan langit lega
Puji syukur mung ka gusti
Anu parantos nyiptakeun katumbiri
Pikeun nambah kaendahan alam
Ngokohkeun manusa kana kaimanan
Kamus Keterangan :
Katumbiri = Pelangi
Mapaesan = Menghias
Prameswari = Permaisuri
Semoga bermanfaat :) :) :)
0 comments:
Posting Komentar